Keretas
NINEUNG puguh ogé. Manéhna nu mindeng katempo keur noong luareun jandela. Unggal aya pelajaran Matématika. Sok waas nempo taktakna. Nu dipuntangan ku carangka badag kacida. Unggal kuring kerung. Manéhna bet katangen
milu nguyung. Unggal kuring mimiti ngarti, manehna sok sura-seuri. Najan teu pati nyari..
Babaturan sakelas geus mimiti baroseneun ngagonjak. Da kuringna sok malikan ku nyentak. Pa Rustam oge teu bisa nyaram. Malah kungsi ngajak manéhna ka jero kelas. Matak ngahelas, dihiap jiga kitu teh manehna jiga nu baluas. Tuluy indit rurusuhan. Bangun nu geumpeur nakeranan.
Mung sarérétan tadi téh nempo manéhna ngelol. Saméméh Pa Rustam norojol. Lat wé poho. Nepi ka waktuna istirahat. Engeuh sotéh basa rék ka kantin sakola. Handapeun jandéla kelas, aya opat lambar keretas lawas. Ditulisan ku mangsi nu geus pias. Sempalan Trigonometri. Patri. Najan semu baseuh kakeclakan cai.* Asep Komara-kisuta.com


