Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Lalakon Lutung Kasarung (12)

Kamis, 28 Maret 2013

LUTUNG nangtung, laju leumpang muru paimbaran. "Assalamu alaikum warohmatullohi wabarokatuh...!" manéhna uluk salam rék khutbah, gék diuk, laju muadzin adan nepi ka bérés. "Langkung tipayun, mangga urang manjatkeun puji sinareng syukur ka Dzat Nu Maha Kawasa nu parantos masihan umur ka urang sadayana. Atuh, sholawat sinareng salam mudah-mudahan kasanggakeun ka jungjunan urang sadayana Kangjeng Nabi Muhammad saw.....," khutbah kalayan daria naker. Kabéh jama'ah nyimak. Omonganana ngeusi tur loba pulunganeun. Nu tara juma'ahan ogé harita mah daratang.
Loba nu ceurik di jero masjid. Utamana nu ngarasa loba maksiat, ceurikna asli lain pupulasan. Tobat nasuha kabéhanana. "Umat manusa dipapatahan kunyuk. Ngérakeun pisan!" ceuk nu ngéwa. Geuwat pada néwak nu nyarita kitu, digusur ka jero masjid.
Késang jeung cimata nu careurik ngahiji. Awor, ngagolontor nuju sagara dosa. Séahna nepi ka langit pingpitu. "Astaghfirulloh al-adzim!" bareng istighfar. Réang. Utun malih warni. Ngajanggélék jadi Sunan Kalijaga. Gaurna nu careurik beuki narikan.* Irman Dimyatie-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya