Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Leuwih Sakti

Kamis, 28 Maret 2013

HAYANG boga ajian saépi angin. Ngarah anjog ka tempat nu dimaksud ukur sakiceup tepina. Ngadéngé kahayang incuna. Bah Duyéh ngagakgak ditungtungan ku tumanya, “Jadi jauh-jauh datang ti dayeuh ka sisi Gunung Cireméi, lain hayang ngalongok Aki jeung Enin nya Jalu?” Bah Duyéh neuteup seukeut incuna.
“Teu pisan-pisan. Liburan kadieu dipiwarang ku Abah. Supados terang kaayaan engking sareng enin.” Incuna buluham-béléhém. Bah Duyéh mésem, “ Hayu ka pangkéng engking, ari hayang bisa nyangking ajian nu kitu mah Jalu!” Cék Bah Duyéh cengkat, laju muru pangkéngna dituturkeun ku incuna.
“Tah didieu ayana ajian téh. Sok geura buka. Asakeun pangarti beunang diajar ti sakola téh dina komputer engking nya. Malah aya ajian nu leuwih sakti. Bisa gunta-ganti rupa jeung ngaran sakedét nétra, ajian pesbuk ngarana Jalu!” Cék Bah Duyéh nepak taktak incuna nu kerung.* Kang Ismaya-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya