Lalakon Lutung Kasarung (13)
LALAUNAN ngalayangna, sukma ninggalkeun jasmani. Aduh... aduh... sukma ninggalkeun jasmani. Lagu 'Wengi énjing tepang deui' mapag nu anyar datang. Anu tebih, nu dianti, geus cunduk kana waktu. Kaciri jiga nu lungsé haté. Opat
abad henteu mulang. Nyingkahan kapeurih ati.
Layung ngempur béh kulon. Umur geus tunggang gunung. Totondén téréh mulang. Ulah dipikamelang. Nyampeurkeun ka asalna datang. Galur tetep kudu jadi carita.
Kadéngé aya nu nginghak ti jero kuburan. Astana Gedé pada ngadeugdeug. Saban tempat heurin ku jalma. Anu ngaji campur jeung nu nyajak. Réang patémbalan. "Ulah gandéng teuing!" aya nu ngahuit. Ngadadak aya sora tarik pisan, salah sahiji kuburan bitu. Guruminda jeung Dyah Pitaloka kaluar tina kuburan pakaléng-kaléng.* Irman Dimyatie-kisuta.com


