Jadi Jugala
JADI jalma jugala. Rék teu betah kumaha. Sagala nyampak tinggal huap. Manting. Nyangking kalungguhan. Béda pisan waktu keur jadi somah. Dunya meni sumpeg. Rungseb. Sagala susah. Ayeuna. Laksana genahna diwowoy ku
kasenangan. Teu kudu dicatur dugdag-dégdégna para pembantu ngawulaan nu jadi dunungan mah. Ieu mah nu jadi pamajikan sorangan. Unggal isuk-isuk, ari arék miang atawa tas balik ngantor. Hideng. Nyadiakeun, téh manis kaseneng kuring. Atuh sakalieun telat atawa teu nyampak di meja tepas. “Maam! Téh manis Papah mana!?” Kuring ngajorowok ka nu jadi pamajikan. “Adeuh meni Mamam nyauran téh. Mangga Papahku sayang, cik entos fikmin nu beungharna. Tong waka diapungkeun ka lapak. Ambu hoyong maos heula, Bah!” témbal pamajikan bari gék gigireun kuring, laju mencrong kana layar komputer.* Kang Ismaya-kisuta.com


