Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Hambur Sampo

Sabtu, 30 Maret 2013

KASEBUTNA pangantén anyar, sok pada ngagonjak waé. Matak haroréam ka warung, sakalieun mun rék balanja gé. Pangpangna mah kaisinan. Komo mun ningali buuk anyar diangir. Tingdaréhém bari nyumputkeun seuri. Kaparengan poé ieu mah ka warung téh ukur rék meuli sampo. Atuh beuki angot ngagaronjak. “Leuh...tos mésér deui sampo, asana kamari gé mésér sampo?” Ceu Titi ngagonjak. “Meni hambur, nya! Abong usum hujan...heuheu,” Ceu Euis mairan. Ger...sareuri tingcikikik. Kuring ukur kapiasem. Rumasa, enya geus hambur sampo. Teungteuingeun kituna mah ku Kang Ja’i. Ngumbah motor sok maké sampo waé.* Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya