Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Consérto Panungtungan

Minggu, 31 Maret 2013

BATON dina ramo katuhu dikeupeul pageuh. Tik-tak sora métronom ngajurung ketukan dina matera tilu parapat. Di luhur panggung di sisi kénca, opat string bass keur cicirén unggal bar. Beulah katuhuna, viola ngeuyeub ngeliran papaés mélodi. Di tengah, dina réngréngan string violin, aya manéhna rék midangkeun lagu cinta, palebah solois interludna. Nangtung neuteup naskah partitur dina sténpart, aya maling teuteup, gumuruhna haté teu bisa disinglar, ratug jajantung narékab panineungan. Ngarénghap heula, mimiti méré tangara. Ngulangkeun baton ngageuleuyeungkeun wirahma andante, halon pisan. Manéhna nangtung solois consérto, awak sampayan digaun panjang bodas lir widadari, késétanana, nyérését nurihan kakangen mangsa katukang. Aransemen geus anjog bagean pamungkas, konser lekasan. “Kang, hapunten abdi,” sorana dareuda bareubeu, bari mikeun keretas partiturna. Turun tina panggung dipapag pisalakieunana, euweuh panggupay. Lighting pareum, panggung simpé, tinggal kuring ngalamun jauh panineungan. Di jalan mulang partitur manéhna diilikan, teu kabaca. Kasinaran bulan konéas, not balokna luntur saab lantis ku cimata.* Iwan Hanjuang-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya