Matak Melang
SANGGEUS merenahkeun Wulan di ruang UKS, Bu Éka nelepon indungna. Ngahaja alon-alon ngabéjaanna, bisi reuwaseun. Teu parna ieuh tatuna gé. Karék bubar tadi téh, teu jauh ti sakola, Wulan -muridna- labuh jeung kabogohna
alatan motorna ngadupak tanggungan tukang opak. Najan kitu angger wé datang-datang téh indungna rawah-riwih. Awak budakna disasar, diusapan, ditangkeup, deudeuh nakeranan. Kakara répéh ari geus katempo teu kua-kieu mah. Lain sual labuh tina motor barina gé kaperluan ka indungna Wulan téh. Aya tanyakeuneun, rék ngonpirmasi katerangan ti budakna.
"Dupi Ibu kantos miwarang ngagaleuh ieu?" Song Bu Éka mikeun tube wadah krim nu kari satengahna, beunang manggih tina eusi tas Wulan nu mancawura basa tadi labuh.
"V-gél? Naon ieu téh, Bu?" Indungna nampanan, dialak-ilik, tulisanna diilo, rey kaciri nyiak. Awakna ngeleper. Biwirna ngageter. Rét ka budakna nu tungkul bari samar polah.
"Gustiii.... astagfirullohaladziim...!" Kudupruk. Les wé, kapiuhan.* Teti Taryani-kisuta.com


