Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Bibit Impor

Senin, 1 April 2013

AYA kana welas taunna, ngemu sugan. Dumadakan, kalangkang hurip geus leungit tina kongkolak haténa. Kasilih hinis kapeurih. Sanggeus anakna mulang ti panyabaan, ngadon mawa binih. Gawéna ngaringkeb. Ma Ocih keur ngalangeu di tepas bilik. Nyérangkeun Si Jelug umurna geus tujuh taun. Keureut beungeutna nimur tengah. Pada ngariung, pada ngajembélan ku batur ulinna. Cenah lucu! Najan bari kitu, tetep nyaaheun pisan. Si jelug nereleng nyampeurkeun, bari ngaléndéan. “Ma, iraha badé ka pasar deui, Elug hoyong mésér acuk!” pokna. Teu ditémbal, ukur diteuteup bari meureudeuy. “Emh, Kasép…! Ema téh, lain teu hayang ngajak hidep masamoan, ngan sok inggis beungeut Ema, leungit deui cara sasari,” gerentesna.* Yuharno Uyuh-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya