Sora Nu Ngalanglaung
SATUTAS manéhna beunta, nyawang dunya nu baranang. Jol boga rasa hayang jadi manusa ilaharna. Mikanyaah, dipikanyaah. Néangan rasa nu jadi cinta. Tali mimitran, silih asih, atawa naon baé ngaranna. Tapi naon nu karandapan,
sabalikna. Ngan meunang ijid jeung rujit ti saban jalma. Manéhna dicacampah ibarat sarah. Mun geus kitu sok tuluy nyalingker, lebah tangkal ék nu biasa. Nu liuhna kalan-kalan bisa niiskeun haténa. Tempat Nyeungceurikan waruganna. Enya, waruga nu teu ilahar. Nu pinuh ku tapak-tapak tatu. Waruga nu témbong beunang ngajarumat. Ras, manéhna. Ka manusa nu jadi cukang lantaran. Kedal subaya, Victor! Jeung sakabéh sékésélérna kudu musna! Handapeun geburna langit peuting. Kapireng sora nu ngalanglaung. Ahéng.* Budi Mugia Raspati-kisuta.com


