Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Lalakon Lutung Kasarung (15)

Senin, 1 April 2013

Lungsé. Awakna ngajoprak tanpa daya. Lalaunan panonna peureum. Atra sagalana naon nu geus kaalaman saméméhna. Kolébat deui bodasna kulit pingping nu kaénna nyingkab teu kahaja. Otakna muter. Ngulibek bari ngawawaas nu lain-lain.
Leungit poé ganti minggu, terus jadi bulan, robah jadi taun, jadi abad. Utun masih kénéh ngagolér. Teu usik henteu malik. Ukuran awakna beuki lila beuki ngagedéan. Ngajungkiring liwat saking. Gunung Tangkubanparahu katelahna.
Kérékna mimiti narikan, jumelegur. Aya haseup ngelun tina sungutna nu calawak. Sirahna kadang obah, ngoyagkeun pilemburan. Awakna ngulisik. Rurat-rérét ka sakurilingeunana. Utun kagét, laju cengkat bari gigibrig. Ngaracleng sakabéh nu napel dina awakna. "Gunung bituuuu... gunung bituuuu...!" jalma-jalma patingcorowok bari lalumpatan nyalametkeun dirina masing-masing.* Irman Dimyatie-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya