Sastra & Humor
Sajak
Bada Hujan
Senin, 1 April 2013
taya nu langgeng di dunya
mulang ka asal. Taneuh beureum
kalangkang tatangkalan
kembang rampé, ogé ranggeuyan du'a
angin ngahiliwir ngusap beungeut cai
hiji rohangan jero dada karasa jempling
sanggeus sésa keclak cimata ngolényay
katojo matapoé na tonggong waktu
1990
Soni Farid Maulana - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


