Sabtu, 25 Oktober 2025
Sastra & Humor
Sajak

Di Juru Waktu

Selasa, 2 April 2013

ceuk anjeun, rupaning tangkal
di jero ieu tangtungan tacan sirungan
tapi tik-tek beker geus ngabangingik
geus nunjuk hiji angka nu pasti

yen hirup kantun sakiceup cempor

taya minyak. Di juru waktu, saha
nu ngolebat lir balebat? "Jungjunan,
tong disaha-saha. Najan tatu
saawak-awak. Tong disaha-saha!"

1997

Soni Farid Maulana - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya