Isarah
MUSUH luncat ka hareup. Sakilat irung ngadudut rénghap. Awak ngajorélat ka gigir. Pedang diheumbatkeun tanding kiceup. Ngahiuk sora pedang ngincer beuheungna nu muka sabeuleugeunjeur.
Sagelencengeun! Tapi dak dumadak pedang teu kebat, sabot amprok jeung sorot panonna nu ayem. Sorot panon nu nyentok ingetan ka sakitu taun katukang, nalika babarengan guyang getih di pangperangan. Sorot panon nu nandeskeun, yén anu ragot di dieu taya lian dua jéndral nu kungsi babarengan nanjeurkeun kakaisaran. Naha ayeuna bet jadi adu hareupan? Naha euweuh jalan séjén pikeun méréskeun hak-hak kaom tradisi anu dirangsadan? Atawa mémang pinasti kudu dipungkas ku silih paéhan?
Rénghap diheungheum kénéh dina dada. Samuréi tibang antel meueusan kana beuheungna. Tapi katana manéhna karasa niir beuteung. Sarta kuring nempo kénéh sorot panonna nu ayem.* Lugiena De - kisuta.com


