Sabtu, 25 Oktober 2025
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Lalakon Lutung Kasarung (17)

Rabu, 3 April 2013

LUNG... lung duit tina mobil atawa motor dialungkeun kana péci dununganna. "Anjing! Lain aing nu narima. Awak asa pasiksak, teu meunang reureuh. Kacamata hideung, laken, kedok, kadang momotoran kudu dipaké. Ongkoh deui cangkéng asa potong mun disakalikeun metotna. Nasib aing kudu ugal-igel mun pareng lampu stopan beureum," kitu gerentes haté Si Utun.
Loba nu seuri jeung keprok. "Uluh, meni lucu!" cenah. "Teu arapaleun aing mah ripuh. Unggal waktu kudu maceuh. Nénjo aing téh lucu cenah. Goblooog...!" haténa jumerit.
Kesel jeung nafsu awor. Aya niat hayang males. Sakali éwang sina ngigel. "Aing nu nakolan bonangna, manéhna nu kudu jadi dogérna," gerentesna. Reup peureum, mumuntang ka Hyang Agung. Utun tinekanan nu nyekelan ranté, si dunungan dipaksa sina nigel. Nang... néng... nong... nang... néng... nong! Gurawil... gurawil urut dununganna gugulitikan dina aspal panas.* Irman Dimyatie - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya