Sabtu, 25 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Siraru

Rabu, 3 April 2013

JANGJANG-jangjang ipis kumeleter. Létah seuneu tina cempor ngagebur ngaduruk jangjang. Tingpérépét. Siraru rapluk. Napuk. Noyék. Sewuk digundukkeun. Dirawu. Sup kana kaléng.
Diharudum sarung. Mencrong lampu. “Naon bédana aing jeung sia? Hirup ngan saukur nyampeurkeun pipaéheun!”
Keretas lembar jawaban nu namprak ménta kapastian. Buleudan patlot nu tingjarendol molototan. Teu nyaho bakal ka mana jigna guliwengna nganteurkeun kabagjaan hirup. Nasib diri nu can tangtu bakal kasorang. Sirahna ngeluk luhureun méja. Leungeun-leungeunna ngeper. Saragam boléas teu ngajangjikeun pisenangeun. Malah malik muncereng, “Naon bédana aing jeung sia? Hirup ngan saukur nyampeurkeun pipaéheun!”* Yanti Sri Budiarti - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya