Sabtu, 25 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Bangsat

Kamis, 4 April 2013

KEUR kuring leutik, kungsi aya bangsat kukurilingan di pakarangan bumi Aki, teu bisaeun balik. Nepi ka bray beurangna. Antukna kacerek deleg. Hayam saopat-opat geus ditaralian. Tapi Aki teu ieuh bendu. Malah sabalikna. Ku Aki diogan ka jero imah. Diajak cacarita. Disuguhan sagala. Manéhna mah ukur wasa ngagukguk, sanduk-sanduk ménta dihampura. Poék pikir cenah, lantaran orokna nu kakara brol ditahan ku rumah sakit. Sanggeus dipapagahan, manéhna dijurung balik, bari dikeupeulan duit rada gedé. “Jug usaha sing junun. Susuganan Allah marengkeun,” saur Aki. Opat taun ti harita, manéhna datang deui bari nungtun domba sadua-dua. Kana ngabandar cenah ayeuna mah. Aki wuwuh rambisak cimata.
Enya, ku kajujuran mah kuring ogé teu burung jeneng. Sarta dina hiji mangsa aya bawahan anu kukurilingan di kantor, teu bisaeun balik. Rumasa cenah, manéhna ngagelapkeun duit. “Sing karunya ka abdi, Pa!” ceuk manéhna. Nurutan Aki, manéhna ku kuring dipapagahan, laju dijurung balik. Tapi teu burung ari dimutasi mah. Opat bulan ti harita, manéhna datang deui bari mawa Terano anu geus tangtu moal kabual ku gajihna sataun. “Kéla, ayeuna ditempatkeun di mana manéh téh?” tanya kuring. “Di kemenpora,” pokna bari seuri.* Lugiena De - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya