Sabtu, 25 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Angeun Tutut

Kamis, 4 April 2013

GEUS lila teu murak angeun tutut, kabeneran aya nu dagang. Buru-buru wé disampeurkeun. “Sabarahaan Bu, sakantong?” Cekéng, muka lokét. “Dua rébu, cép!” Témbal si Ibu, caleuy. Kusabab tingal sapuluh kantong deui. Si Ibuna ogé katempona siga nu geus capéeun. Karunya. Teu loba omong, diborong wé. Tepi ka imah. Burulu, si angeun tutut téh di kana mangkokeun. Suruput cai angeunna ditotor heula. Diasaan. Alah, kieu gening. Asa cawérang. Teu karasa uyah-uyah acan. Kajeun kétang, ah. Teu butuh caina ieuh uing mah, butuh ogé tututna. Hiji, dua, tilu. Tutut nu mareujeuhna téh ku uing dikecrok. Kosong. Euweuh eusian. Opat, lima, genep. Sarua. Ukur badag cumah. Tujuh, dalapan, salapan. Ké..ké… aya eusian euweuh tutut téh? Saratus dalapan puluh dalapan, saratus salapan puluh salapan. Tepi ka tutut anu panungtung, tutut anu ku dua ratus. Ku uing dikecrokan téh, nyaan, hiji ogé euweuh nu eusian. Euweuh bukuran. Nyamos wé. Sugan gélo kitu si Ibu téh?* Jordan Kurniawan - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya