Miguru ka Magnét
BOS dépkoléktor nu pangawakannana pédéklék, sirah bedegul, irung bengkung muncugug. Keur amuk-amukan. Poporongos, popolotot. Ari nu jadi sabab, kabéh anakbuahna nu dipancén naragiahan, ngabarulasin. Ngawakwak dina lentong seberang,
“Dasar belekuk, otak disimpen dinu lutut.” Kabéh ngayékyék, murungkut teu wani tanggah. ”Tolol, kalow nagih itu kudu nganggo tiori, jangan padu otot, paké tiori magnét; positip + positip = tidak ketemu. Negatip + negatip = tidak nempel. Nah positip disamperin negatip, baru nyambung. Paham?” “Tidak ngertos bos,” cék lalaki busekel, biwir kedeplik, ceuli rebing. “Bodoh, manéh lalaki kudu nagih ka awéwé dan sebalikna kalow awéwé kudu nagih ka lalaki, ngerti?” Arunggut-unggutan. “Ngertos…” saur manuk. “Dijamin berhasil bos” nyelengkeung awéwé bosongot nu liang irungna mébér nadah hujan, ari kelir kulitna lestreng semu hurik. “Ya, tergantung si yang punya hutang, apa dia lagi punya duit atawa keur boké?”* Gaus Firdaus – kisuta.com


