Lalakon Lutung Kasarung (18)
LAIN euweuh parawan. Aya, malah balatak. Lain euweuh nu bogoheun. Aya, ngan geus bosen. Kitu alesan manéhna kunaon resep waé ka randa. "Off the récord, ulah ditayangkeun nu éta mah!" ceuk manéhna bari tibuburanjat asup kana mobil. Nu rék ngawawancara keukeuh ngarudag sanajan mobil mimiti maju.
Lima poé ti harita. Utun narima telepon ti indung si manéhna. "Tun, tolongin dong. Udah dua hari anakku ditahan BNN," sorana dibarung inghak. "Naha bisa kitu?" tanya Si utun kagét. "Gak tau tuch, katanya soal narkoba...," nyaritana pegat-pegat.
Kantor BNN geunjleung. Aya kajadian ahéng. Sajuta monyét hideung démo, ngacak-ngacak kantor. Anéh, kabéhanana bikang. Raéng sorana matak gandéng kana ceuli. Utun nyengir. Nyérangkeun ti kajauhan. Gareulis, sok sanajan randa wungkul.* Irman Dimyatie - kisuta.com


