Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Sajak

Apel Sawarga

Kamis, 4 April 2013

Iblis nyangka yén Hawa tibelat
ka manéhna. "Jungjunan mangga geura teda
ieu apel sawarga!" ceuk Iblis. Hawa panasaran,
"Hirup kudu ancrub ka hareup. Ka hareup!"

ceuk Hawa. Adam nu teguh kagoda, kagémbang
apel sawarga. Iblis lungsé sabab Adam jeung Hawa
sarua diusir ti sawarga. "Naha anjeun teu taat
ka Kami," ceuk hiji sora. Malaikat sujud ngiblat.

Adam jeung Hawa pias taya tanding. "Duh, Gusti
abdi rumaos atah warah!" ceuk Adam, Hawa
ngeluk tungkul. Dunya nu lénglang dumadak
kiruh. Cimata bitu di jabal kalbu

2001

Soni Farid Maulana - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya