Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Totondén

Jumat, 5 April 2013

REG, parahu eureun. Bréh, buhaya bodas pohara badag ngajepat malang Kali Jetis. Ngahalangan kapal jiga tulak badag malang panto. “Lamun buhaya kajajadén, mangka idinan kami liwat, sab niat kami suci, mangka naon baé nu bakal tumiba, kami aya dina jalan suci!”. Buhaya ngoléséd najan garati, lalaunan nyisi sajajar parahu, laju ngajepat, teu usik-usik.
Ras inget, loba pandita teu panuju miangna Putri Citraresmi ka Wilwatikta, “Ngarempak tetekon.” Tukang ramal cacarita, “Bakal aya muara ambang jiwa..”
“Ka, geura istirahat, pan can jagjag pisan,” swara halimpu Putri Citrarésmi anu teu weléh handap asor ka sasaha. Putri geulis kawanti-wanti, geulis ka jero-jerona. Najan teu pasti cintana keur saha, ngeun pasti cinta sajatina lain keur Raja Wilwatikta. Ukur niat suci babakti ka ingkang rama. Bakti ka nagara. Estu Putri nu pantes dipicinta, pantes dibéla, najan kudu pati nu jadi ganti.
“Gering kulantaran salira, Nyimas,” ukur sajeroning ati. Geus sumarambah kana bayah.* Yayan 'Bedog' Supriatna - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya