Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Geulis

Jumat, 5 April 2013

MINDENG ngarahuh. Rumah tangga tarikolot, teu gairah. Komo ningali pamajikan geus teu pikahayangeun, mamaké daster belél, digelung jucung mindeng baketut haseum bari néngtéréwélang mun aya kateu panuju téh. Meni jauh jeung Bu Wulan, nu kacirina mah pakokolot supa jeung Eha, Gamuleng kénéh, geulis kénéh, jeung modis waé. “Kang, abdi disaur ku Bu Haji Dédéh, diajakan babantu dinu hajat.” Ngan diwaro ku unggeuk. Pasosore, keur anteng gégéléhéan na kasur, sada aya nu ngulutrak muka panto. “Eha?” Hareugeueun. “Hoyong abdi geulis siga kieu?” Unggeuk, ngacay hayang ngagabrug. “Sok, pangmésérkeun kecantikan, badéga wéh keur babantu, tambahan ku duit keur senam jeung meuli baju,” cenah meni perténtang. “Mémangna hayang geulis téh haratis!”* Tiktik Rusyani - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya