Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Beungeut Sorangan

Jumat, 5 April 2013

GEUS tujuh poé Ustadz Badru nengetan pari-polah guruna, Ajengan Sulaéman. Unggal ngimaman shalat, tiap rérés takbirotul ihrom sok terus ngaléos ninggalkeun jama’ahna bari teras mulih ka bumina. Atuh Ustadz Badru anu aya dipengkereun ajengan Sulaéman katempuhan kudu ngaléngkah ngagantian ngimaman, bari pikiran mah teu bisa khusu.
Teu kuat ku panasaran, sok sanajan bari jeung loba ku kahariwang ogé, Ustadz Badru maksakeun ngadongkapan Ajengan di bumina.
Barang jog ka bumina, kasampak Ajengan nuju maraban ucing dina dampal pananganna. Ningali kitu Ustadz Badru teu wani unjuk salam, sieun ngaganggu. Teu lami, Ajengan malik bari ngucapkeun salam dibarung ku imut. Geuwat ku Ustadz Badru dijawab bari moro dampal panangan Ajengan, laju dicium teu maliré panangan Ajengan anu pinuh ku sésa parab ucing.
“Ujang, lamun ngaimaman solat anu kabayang beungeut sorangan, anu kainget laku kahadéan sorangan, di mana Agungna Pangéran?”
Ustadz Badru tungkul ngaheruk terus nyegruk bari ngaléos balik, teu werat ngucapkeun salam-salam acan.* Ki Lalat Socrates - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya