Keclakna Cai Jalan ka Sawarga…
AYA dongéng anu didongéngkeun deui, carita nu katimu dicaritakeun deui. Baheula, jaman Karosulan Isa as, di wewengkon kakawasaan Kaisar Romawi anu kaceluk boga sifat kaniaya ka rahayatna.
Hiji Kaisar anu teu boga ras-rasan pisan ka rahayatna. Rahayat ditalangsara, teu saeutik kolot anu ngajual anakna ngan ukur keur meuli kadaharan anu ngan cukup keur sababaraha poe.
Dina hiji poé, aya awéwé anu kaitung ngora kénéh, sok sanajan ningali tangtunganana mah katingali geus tokroh-tokroh. Pasemonna alum, kulit beungeutna lir ibarat taneuh garing tur bareulah, gahgar lawas teu kacaian. Manéhna sababaraha kali ménta cai jeung kadaharan di tiap kampung anu kaliwatan, tapi taya saurang ogé anu daék méré. Boro-boro méré, malah euweuh saurang ogé jalma anu haat tur daék padeukeut jeung manéhna.
Kasangsaraan anu leuwih ti misti anu jadi kasang tukang manéhna ngamurah-maréh dirina. Éta awéwé leumpangna semu rarampéolan bakat ku lungsé sarta geus teu kuat nahan lapar jeung hanaang. Ku kaayaan anu kacida weritna, éta awéwé nawar-nawarkeun dirina ka sing saha waé anu boga rasa suka ku harga anu teu sapira. Hal anu jadi sabab manéhna pada ngajauhan, taya saurang ogé anu daék ngadeukeutan, tangtuna ogé iwal lalaki anu mikabutuh ku raga éta awéwé.
Kahirupan anu kacida weritna tur kasangsaraan anu sakitu beuratna, ngagembleng diri jadi pribadi anu teu padulian tur narimakeun kahirupan anu tumiba ka manéhna. Sukuna ngaléngkah sumarandeg bakat ku lungsé, tapi teu pernah ngeureunkeun karep. Teu kaitung pasir anu geus disungsi, teu kasawang jauh jalan anu geus disorang. Awak lungsé teu dipaliré; lapar jeung hanaang teu dirasa, lain teu karasa tapi nya naon anu kudu jadi ganjel beuteung, ngémrat hanaang nu ngagalaksak? Panasna panon poé siga anu mupuas bari nyeuseup hirup-huripna éta awéwé, lir ibarat jukut anu langlayeuseun karerab seuneu anu kacida panasna, daunna garing ngalakayan. Ambekanna lar-sup semu nu seunggah. Lapar, hanaang, lungse pagalo ngajadi hiji.
Di sisi hiji kampung, éta awéwé anjog ka hiji sumur anu caina ngolétrak méh-méhan garing. Awak anu garing langlayeuseun, satengah ngorondang ngadeukeutan biwir sumur. Awakna nyangsaya dina batu anu ngawatesan éta sumur.
Dibarung ku awak anu kacida ripuhna, éta awéwé lunga-lengo ka liang sumur. Aya sakolebatan cahaya kahirupan tina sorot panonna, ngan sakilat reup deui. Aya kolenyay beungeut mata poe ti jero sumur, nandakeun éta masih aya caian sok sanajan katingali ngolétrak. Tapi, kumaha carana ngala éta cai dina kaayaan awak anu geus leuseuh taya tangan pangawasa. Taya wadah jeung tali pikeun nyiuk cai tina sumur anu kawilang jero; sadéét-déétna gé sumur.
Dina sésa-sésa tanaga anu lir keclak cai ibun tina tungtung daun, manéhna muka kembén, terus éta kembén téh diulur ka jero sumur tepi ka sabagian tungtung kembénna kakeum cai sumur. Geus kitu, terus beubeur kembénna ditarik. Katingali aya tungtung beubeur kembéna baseuh ku cai sumur, nyakclakan. Barang manéhna rek meureut tungtung kembenna, tur rek nginum tina peureutan tungtung kembénna, karasa ku manéhna beubeur kekembénna aya anu narik-narik, lalaunan. Waktu manéhna ngarérét ka tukang, katingali aya anjing anu ngégél tungtung kemben anu hiji deui. Terus éta anjing téh ngaleupaskeun gégélanna tur neuteup ka éta awéwé, bari létahna ngelél. Katingali éta anjing siga anu kacida hanaangna.
Sakedapan éta awéwé ngahuleng ningali kaayaan éta anjing, anu katingali ku manéhna dina kaayaan anu sarua hanaang, tikoro sarua garingna. Waktu éta awéwé rek meureutkeun deui teungtung kekembén kana tungtung létahna, éta anjing ngupat-ngapitkeun buntutna dibarengan ku sorot panonna anu niruk kana liuhna rasa kamanusaan anu sawatara taun ilang duka ka mana. Teu loba pikiran, kalayan ku sésa tanaga anu aya éta awéwé meureut tungtung kekemben, cai anu aya dina tungtung kekemben dikeclakkeun kana sungut anjing. Babarengan jeung béakna keclak cai tina tungtung kekembén, éta awéwé ngarumpuyuk béakeun tanaga, dituturkeun ku nafas anu panungtunganna.
Ningali awéwé anu geus méré nginum téh ngarumpuyuk tur dibarengan jeung ngaleupaskeun nyawana, éta anjing terus ngalétakkan kulit beungeut awéwé anu geus haat nulungan manéhna bari nandonkeun nyawana. Aya sora halon tina sungut éta anjing, siga anu nyeungceurikan awéwé anu geus ngajarumat lambaran kahirupanna anu méh-méhan paragat.
Ku éta kajadian, rébuan malaikat tuturubun turun ka marcapada, pada hayang nyaksian kaayaan éta awéwé ti kadeukeutan. Malaikat Raqib jeung Atid pakepuk nyetetkeun kaayaan anu geus lumangsung. Lian ti éta, Malaikat Ridwan jeung Malik parebut. Malaikat Malik, anu purah ngajaga lawang panto Naraka keukeuh arek ngasupkeun éta awéwé ka Naraka. Sabab cenah, tempatna anu maneuh pikeun jalma anu ngajual dirina, nyatana ungkluk awéwé palacuran, taya lian ti Naraka. Sedengkeun Malaikat Ridwan anu tugasna ngajaga lawang Sawarga keukeuh peuteukeuh rék mawa éta awéwé ka sawarga kusabab geus nyalametkeun nyawa papada makhluk Allah kalayan nandonkeun nyawana sorangan.
Tungtungna, éta pasualan dijagragkeun ka payuneun Anu Ngapimilik Kahirupan sarta Anu Ngapimilik Sawarga jeung Naraka, nyatana Allah Anu Kawasa.
“… abdi Gusti, Allah Pangéran abdi, numutkeun sim kuring ungkluk awéwé palacuran kieu tos sakedahna pitempateunana di Naraka Jahanam, margi tos ngahinakeun Gusti ku jalan ngahinakeun diri jeung kahirupanana”, kitu Malaikat Malik nyogrogkeun kamandangna ka panyuneun Allah.
“Teu tiasa kitu !” Malaikat Ridwan motong. “Nun Gusti, Allah Pangéran sakabeh Makhluk, anu Ngawasa sakabeh kahirupan, numutkeun sim kuring ieu awéwé kaasup jalma ihlas, kusabab geus nandonkeun nyawana kusabab teu werat ningali anjing anu aya dina kaayaan kacida hanaangna, padahal éta awéwé ge teu kurang kacida hanaangna !”
Saterusna, Allah ngadawuh, “Ridwan, anjeung kacida benerna. Éta awéwé geus nebus dosa jeung kasalahanna saumur hirupna ku cara ngorbankeun nyawana pikeun nyalametkeun kahirupan salah sahiji makhluk Kami. Jung bawa ieu awéwé ka Sawarga, kalayan aya dina karidoan Kami”.
Sapada harita, sakumna Malaikat ngahuleng ngaraga-meneng nyaksian teur ngadenge pidawuh Allah. Sedengkeun Malaikat Ridwan kacida bungah tur ngarasa bagja, kusabab Sawarga anu dijagana bakal dieusian ku hiji hamba Allah anu kaihlasanna pilih tanding. Saterusna Malaikat mawa éta awéwé ka sawarga, sarta sakabeh Malaikat ngabaris tanda ngahormat ka éta hamba Allah anu ihlas nandonkeun nyawana pikeun kahirupan mahkluk lianna, sok sanajan ngan saukur anjing.* Ahmad Gibson Al-Busthomi – kisuta.com


