Mungkas Lalakon
TI saprak dununganna jadi gegedén. Rasa kareueusna ngahiang. Kasilih ku kaceuceb, sedih, jeung karunya. Alatan, dununganna kiwari geus ngajanggélék ngajadi sandékala. Ma’siat dilakukeun saban usik. Kateuadilan jadi kadaharan
sapopoé. Urat kasombongan narémbongan. Getih kacampuran napsu setan. Késang bau hangru kamunafikan. Kapercayaan rahayat, dimomorékeun.
Dadana ngaguruh, awakna ngagibrig. Saban nyaksian dununganna kongkalingkong jeung koléhana. “Aing geus teu kuat…!” jumerit. Ongkék. Pikiranana muter, néangan cara sangkan bisa leupas ti dununganna. Leupas tina kasiksa batin, lantaran nempo laku lampah nu geus méngpar tina tetekon.
Pabeubeurang. Panonpoé, moncorong luhureun embun-embunan. Sret, manéhna diudar ku dununganana. “Ayeuna pisan, kasempetan aing pikeun mungkas lalakon !” Gajleng, awakna dikaitkeun kana paku nu nanceb na dingding rohangan gawé dununganana. Sakali nyentok, béréwék…. “Tobaaaattt…!!!” Nyeri liwat saking. Tonggongna rangsak. Getih bulaéran. Bru, awakna ngalumburuk. “Aing leuwih sugema jadi kékéséd, batan unggal poé kudu marengan dunungan ngalakukeun lampah teu uni !” Imut. * Eboed Eman Budiman - kisuta.com


