Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Lalakon Lutung Kasarung (20)

Sabtu, 6 April 2013

LEU..leuleui leui leuleu leuleuyang…. Amit..amit mundur Kiansantang arék mulang. Leu..leuleui leui leuleu leuleuyang.… Amit..amit mundur Kiansantang arék mulang. Kawih panutup dina sandéwara nganteur katineung nu lalajo. Oray-orayan luar-léor mapay jaman, oray-orayan luar-léor mapay waktu. Ngarawih ngagiring rasa ti mangsa ka mangsa.
Leupas ti alam carita, pindah ka alam cenah. Utun keur nguyung, dirungrum kabingung nu euweuh tungtung. “Tuluuuung… tuluuung!” manéhna jumerit. Unggal waktu disusud, unggal jaman ditéang. Nyamos. Gugurawilan tina sugan kana mudah-mudahan.
Kungsi duét jeung Juliét, merankeun Roméo. Asa pernah jadi Galih waktu kudu papasangan jeung Ratna. Sangkuriang ngadat, pédah Dayangsumbi leuwih milih manéhna keur pasangan hirupna. Awak karasa ruksak waktu merankeun Samson, bareng Delilah. Ramé nu keprok waktu merankeun jadi Rama, papasangan jeung Shinta. Utun ngalamun. Ngimpleng kahirupan. Gunta-ganti peran téh geuning capé.* Irman Dimyatie - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya