Paris Kasorénakeun
lir aci sampeu nu diawurkeun
ti luhureun munara Eiffel, halimun turun deui.
sakapeung ngalayang
katebak angin usum tiris. Di luhureun
le Pont Neuf kuring neuteup walungan Seine,
kalangkang ajal jeung Notre-Dame de Paris.
sora gagak jeung camar laut patémbalan
girimis nu ngeprul
ti wanci subuh nepi ka soré taya raatna,
hawar-hawar karungu deui
soré loncéng Notre-Dame de Paris ditabeuh
Si Bongkok. Bulu punduk ngadadak muringkak,
basa bau menyan kaangseu najan saliwat,
basa matapoé maju ka sareupnakeun.
bari ngoléséd ninggalkeun éta tempat,
kuring nengetan kahirupan, poé-poé nu bakal datang
jeung indit tina tangkeupan, ogé cimata. Naha kudu
pabéntar kayakinan ditungtungan ku hangru getih?
naha tempat ibadah téh ukur dijugjug; sanggeus raga,
jiwa, katut kalbu; tatu mantén, diudag tur dibabuk
alam peteng? Ka mana salira salila ieu?
naha enya sagala sirung harepan
kudu tumuwuh tina tumpukan runtah kahirupan
nu méh bilatungan dina dada? Nu puguh
halimun turun deui, sakapeung bodas
sakapeung kulawu. Angin ngamalir ka lebak,
ngusapan beungeut kuring. Poé éta, Paris
jadi puisi dibaca jeung ditulis
ku paramusafir
1999
Soni Farid Maulana - kisuta.com


