Rénghap
BULAN mabra. Dina gelebug angin katiga. Ngaringkangkeun sora bedug jeung takbir ti suhunan ka suhunan masigit. Bareng jeung rénghapna. Rénghap nu nyidem tatu jeung kapeurih. Tina raragas raga nu beuki jauh ngasruk rungkun.
Dapuran haur. Parat ka tungtung lembur. Lebah hiji imah nu remeng-remeng ku cahya bohlam. Léngkahna kandeg. Lalaunan. Ngetrok jandéla. Rekét aya nu muka. “Akang...” Sora pamajikanna. Sora nu salawasna dipicangcam. “Akang moal lila. Ieu keur Nyai jeung Si Ujang...” Sorana dareuda. Aya leungeun pataréma. Aya kérésék nu ditampa. Laju teuteup lawas dipungkas beueus cimata. Di peuntas kebon. Mangpirang léngkah ngadeukeutan. “Akang geus bébas?” Inghak pamajikanna. Inghak nu salawasna ngaruhit kana sukma. “Hampura...” Sorana nu pamungkas. Rénghapna ngiles diteureuy peuting. Mangpirang léngkah ningker buruan. Lalaunan kérésék dibuka. Bréh dua pasang baju anyar. Ditangkeup. Pageuh. Di luar. Aya sora bedil ngabeledug. Anakna ngulisik. Baju lésot tina tangkeupan. Bedug jeung takbir beuki handaruan. Bulan tinggal kalangkangna. Dina jandéla nu angger muka.* Ari Andriansyah - kisuta.com


