Minda Rupa
PASOSORE di kamar kontrakan, ngadeluk dangdan. Lédak, lédak wedak mulas pipi. Geus rata. Kop, kana patlot halis. Ngandelan halis. Teu poho cela, sédow jeung maskara mapaésan mata. Panungtung lipensetip beureum burahay mulas biwir.
Sakedapan ngahuleng ningali beungeut sorangan dina eunteung. Rap, wig hideung galing muntang sataktak. Beuki teu apal saha diri sabenerna. Ukur rumahuh. Kajurung pangabutuh. Kapaksa. Kulawarga di lembur mah ulah nepi ka apaleun, naon nu dilakonan. Ngolébat deui beungeut si bungsu, nu ngarenghik waé hayang meuli sapédah. Cenah mah nepi ka gering panas, kapidangdam. “ Sabar geulis, pagéto pasti sapédah bakal kapimilik ku hidep.” Sabot dangdak-déngdék mamantes dangdanan, hareupeun enteung. Teu kanyaohan ti tadina, si cikal geus aya di jero kamar. “Bapa…!”* Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu - kisuta.com


