Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Pipirakan

Minggu, 7 April 2013

:”Penggugat, anjeun yakin rék pipisahan?”
:”Yakin, Pa Hakim.”
:”Teu niat rujuk deui?”
:”Henteu, Pa!”
:”Kumaha Tergugat, anjeun satuju kaputusan Penggugat, nu nyatana salaki anjeun sorangan?”
:”Abdi teu satuju, Pa Hakim!”
:”Penggugat, sabaraha lila anjeun rumah tangga jeung Tergugat?”
:”Dua sasih, Pa Hakim.”
:”Bulan madu kénéh atuh éta mah. Naon alesanana, maké hayang pipisahan?”
:”Sakedahna mah kitu, Pa Hakim. Rumah tangga téh nuju reresepna. Nanging buktosna mah kieu. Salaku istri, sakedahna pami ka luar ti bumi téh pamit heula ka carogé…”
:”Ngan sakitu alesanana, Penggugat?”
:”Aya deui, Pa Hakim…”
:”Sok sebutkeun naon atuh?”
:”Saleresna abdi sareng pun bojo téh tos teu aya kacocokan deui…”
:”Bohong, Pa Hakim! Éta mah alesan wungkul lah…”
:”Heup! Heup! Heup! Ieu sidang ku kami moal dituluykeun. Penggugat, dina catetan pangadilan agama ieu, saméméhna, anjeun geus ngajukeun pipisahan, gugat cerai geus tilu kali. Hartina ieu gugatan nu kaopat. Hanjakal tergugatna béda-béda…”* Deni Riaddy - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya