Sastra & Humor
Dongeng Pasosore
Lalakon Lutung Kasarung (21)
Minggu, 7 April 2013
LUHUREUN puncak Gunung Manglayang. Aya hibar beureum. Layung soré. Angin ngahiliwir, ngendagkeun dangdaunan. Kalakay maruragan. Obor kahirupan sakeudeung deui surup. Nu caang rék ganti poék.
Lebakeun Batu Kuda, aya nu keur jongjon diuk dina pucuk tangkal camara. Ucang anggé. Teu aya kasieun sakitu tangkalna jangkung. Utun ngajentul. Neuteup bulan nu ngagantung. Girimis peuting mimiti datang marengan simpé.
Kuniang manéhna cengkat, babatek. Awak asa carangkeul. Saratus taun teu ingkah ti dinya. Aya nu béda. Rarobah. Unggal tempat pinuh ku wangunan. Ngalampar. Gunung ngan kari ngaranna.* Irman Dimyatie -kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


