Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Si Anjing

Minggu, 7 April 2013

"NAON patalina mitoha gering jeung teu asup gawé? Ceuk si anjing téh. Euweuh dina undang-undangna, deuleu! Cenah. Semu nyégag. Anjing téh! Rasa aing mandor. Sangeunahna sesengor." Cekéng. Manéhna mencrong. Sorot panon nu sasari. "Ari maksakeun bolos, sieun dipecat. Lebar. Hésé ayeuna mah nyiar gawé téh." Sagurat raheut nganteur léosna. Indit sorangan. Néang mitoha kuring nu keur parna gering. Enya indungna. Gaganti indung kuring nu geus taya di kieuna. Cenah kudu gancang dibawa ka rumah sakit. Teu bisa majar kumaha. Kapaksa kudu nuluykeun pagawéan. Najan haté teu méréan. Keukeuh neuteuli. Nyeri haté ku mandor. Lain ku teu diidinan balikna, tapi ku basa jeung cara ngomongna. Tirilit. Hapé disada. SMS. Ti manéhna. "Ema tos ..." Derrrr. Dumadakan. Jajantung ngageder. Basa karasa aya nu ngusapan tonggong, bari ngaharéwos "Teu cios bolos?" Haroshos. Nompo pisan kana ceuli. Ambekan ngahégak. Nebak kana punduk. Rikat. Malikkeun awak. Bari nongtak léptop. "Anjiiiiiiing...!"* Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya