Satutas Isya
DI rohangan kamar nu biasa, manéhna rumanggieung hudang tina ranjang, muru méja rias, diuk ngahuleng bari ngaca, mémérés buuk nu kusut, tuluy ngelap sesa getih nu ngaberebey tina biwir, mencrong beungeut nu geus teu mangrupa.
Rap kana wedak, ledak-ledak ngawedakan beungeut, bari muringis, mulaskeun lipstik kana biwirna nu tatu. Rasa linu saawak-awak teu dirasa, belenyeh imut bari mencrong dedeganna dinu kaca, ngabayangkeun gedong sigrong, mobil panganyarna, kolot, anak jeung salaki senang di lembur. Rumanggieung deui nyampeurkeun nu kérék nyegrék dina ranjang, mencrong ijid, celengok. Rét kana jam, gura-giru indit bari ngajéwang tasna. Satutas Isya, aya kénéh Acéng, H. Sukarya, Aléx, Édwin, Édward, Ujang.. Nu kudu dilayanan.* Meila Handayani - kisuta.com


