Sandrina
LUNGGAK-linggek matak deungdeuleueun. Ramo-ramo mani barentik, leuleus awak medar ibingan matak pogot anu ningal. Kalan-kalan diémbohan gerakan tandak, ngagarapak nincak wirahma. Hémpak anu arémprak, rampak anu
sarurak, bet kagugu ku polah anu lucu. Umurna kakara manjing sawawa, beubeungeutan ngadaun seureuh, diwuwuh imut pangirut anu teu luput marengan rindat panon matak moho.
Palebah hunyuran anu rembet ku manjah jeung saliara, aya anu anteng neuteup ku panon anu beueus, carinakdak juuh cimata. Sora gending mawa galindeng nu malibir dina hiliwir angin, kawas ngawawaas hayang ngagerihan rasa manéhna.
“Lahir pikeun ngibing, pituduh karuhun geusan nuturkeun wangsit nu ghaib. Muga-muga anjeun teu kalebuh dina banjir cimata saperti nu karandapan ku kaula. Raga, sukma, sing jejem na kautamaan. Mungguh sukma nya urang anu bogana, taya nu bisa ngarampas sok komo ngarogahala, dijadikeun tandon sandékala....!” nginghak. Liuk sampur ngahelab, mumbul ngapung muru ka alak paul, ngudag carita nu ngawang-ngawang, muru hiji lembur nu katelah Dukuh Paruk.* Zulaikha Sobana - kisuta.com


