Lalakon Lutung Kasarung (22)
Léok ka kénca, léok deui ka katuhu, dibuntang-banting caah. Anu dina parahu pating kocéak, utamana barudak awéwé nu maraké seragam SD. Lalaki tengah tuwuh satékah polah mertahankeun parahu sangkan henteu tikelebuh. Amad,
Tukang Parahu, ampir béakeun tanaga. Késang ngagarajlag saawak-awak, awor jeung séahna cai walungan. Otakna geus teu bisa mikir bakat ku geumpeur. Nyawa bakal papisah jeung raga.
Lila-lila parahu ngaléngléong. Utah uger kabéh panumpangna. Taya harepan bakal salamet. Utun nu keur jongjon cindekul luhureun batu, kagét. Nénjo loba nyawa nu keur kaancam, manéhna henteu cicing. Gajleng luncat, lumpat luhureun umpalan cai, ngudag nu palid.
Kakuatan alam mungguh lain lawaneun. Angin ngaguruh marengan gulidagna caah nu rohaka. Sakur nu kaliwatan, euweuh nu manggapulia. Ancur sapisan. Rarungkad. Utun ngarawél parahu, laju diangkat, dipanggul dibawa ka darat. "Nuhuuuun Utuuuuun....!" réang. Guludug patémbalan di jomantara miluan suka bungah.* Irman Dimyatie - kisuta.com


