Pager Ageung
TANGKAL nu ngaragragkeun daunna kateuteup ti kajauhan. Angin nu ngahiur ti lebah kalér, ngeundeuk-ngeundeuk unggal pucuk nu araya.
Aya mangpirang sora nu silih anteurkeun manglaksa carita.
Silih kedalkeun tineung diantara lagu-lagu lawas nu ngadupak tiap haté nu keur meujeuhna dikeueum ku kawaas.
"Emut waktos tipayun. Waktos handapeun samagaha, nya?" ceuk kuring. Manéhna tanggah bari seuri leutik, tuluy mairan, "Waktos kumaha tea? Teu emut da...." masih seuri leutik.
Kuring ngilu seuri bari ngabayangkeun calana nu baseuh semet tuur. Ngabayangkeun manéhna nu cipruk satutas nincak batu leueur na wahangan peuntaseun erél kareta.
Geus dua taun. Enya, harita, dua taun nu panghaneutna.
"Emut kénéh, nya?"
Manéhna ngadon seuri deui.
Kuring ngilu seuri bari ngagerendeng, nuturkeun lagu nu kapireng ti lebah wetan.
"Love will lead you back...."* Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com


