Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Balébat

Selasa, 9 April 2013

NGUMPULKEUN pangacian nu bacacaran, saprak dirakrak teu béja teu carita. ”Ka balé ka pilemburan. Di hatéan ku malaka. Kamana kajojo nya pipikiran. Teu weléh rék tumarima....”
Reketek sampur ditalikeun kana cangkéng. ”Kapungkur dunungan, kapungkur mah guguling panjang. Ayeuna mah ayeuna ukur cipanon. Ka mana mah dunungan nya kuring miang. Ka dinya mah ka nu sangkaan....”
Ayeuna waktuna pikeun narima kanyataan nu teu sapira. Kahayang embung disapirakeun. Tapi loba jalma nyapirakeun. ”Haté leutik ngacacang ka pilemburan. Nu karasa ngan sauyunan. Hadé leutik jungjunan nu kaamparan. Da diri mah geuningan teu weléh montél....”
Sasat teu méré lolongkrang. Nu baheula ukur ucul-ucul catur tanpa bukur ayeuna maralik ngéwa. Sumawonna nu teu pati narima. ”Hayu atuh katuncar disina mawur. Diakalan ku sangkala. Kumaha mah dunungan teu weléh bingung. Aduh, teu weléh bingung...!”
Ngempyah teu eureun. Damar ngalinces katebak angin. Sampur dikebutkeun deui. Metot balébat sina ulin dina ukel dina tandak.* Yanti Sri Budiarti - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya