Odong Jeung Nonoh
KITU jeung kitu baé unggal Odong apél ka imah Nonoh téh.
Indung bapana teu weléh milu maturan, sakapeung sok
nempas miluan ngobrol. Angger hésé hayang diuk
paréndéng ogé.
Jajauheun pisan bisa silih rames ramo ogé.
Sakali waktu, Odong ngajak Nonoh ka pasar malem, Bapa
jeung indungna ngadon maksa milu. Teu wasa nyaram.
Teu ku hanteu, kapaksa kudu nyéwa angkot, can jajanna,
can balanjana. Duit gajihan, béak teu sakara-kara.
Ti saprak harita, Odong rada arang datang ka Imah Nonoh.
Asa percumah ngapélan gé ari kudu diperongkeun baé ku
kolotna mah.
Hiji waktu, Saptu pasosoré, Nonoh nga-sms. "Di bumi nuju
teu aya sasaha." Ukur kitu gé, teu kacipta, Odong bungah kacida.
Bada magrib, geus ginding, tuluy ngadigdig muru kasono.
Nepi ka Imah Nonoh wanci Isya. Ngetrokan panto leuwih
ti sa-jam, euweuh nu mukakeun. Enya baé, di imah Nonoh
horéng euweuh sasaha.* Is Tuning - kisuta.com


