Sastra & Humor
Sajak
Angin Lémbang
Selasa, 9 April 2013
sagelas téh haneut dina luhur méja
seungit saabna kaangseu; mawa ingetan kuring
kana baju, buuk, jeung awak anjeun
nu kungsi digaléntor di hiji hotél peuting kaliwat.
harita hujan maceuh sanggeus halodo hatam
ngaderes taneuh beulah jeung akar jukut nu garing.
hawa lémbang karasa tiis lir és jero kulkas
najan taya halimun najan taya bulan nu ngempray
di jomantara. Di sisi jalan, bari nungguan
asak beuleum jagong; teu karasa péso simpé
nu bengis niruk haté kuring. Teu sakara-kara
getih beureum muncrat deui, maseuhan
kembang tineung nu mangkak di jero kalbu.
harita anjeun teuing di mana
1995
Soni Farid Maulana - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


