Nu Dicangcang
REKETET. Tambang dadung sagedé leungeun dibakutetkeun pageuh naker. Sugan ku cara kieu mah moal bisaeun leupas. Tuman tuda! Diantep téh kalah beuki sangeunahna. Ngencar sakarepna. Asa capé nuturkeunana. Sagala
diingusan, sagala dikoréhan, sagala dikobétan. Pageuh siah ayeuna mah. Moal! Moal rék diudar deui. Durugdug digusur. Blus, ka jero bunker. Jeblug, panto beusi ditutupkeun. Jetrék, digembok. Geus kitu mah léos wé. Sup, ka rohangan pangreureuhan. Gék diuk. Lampu reyem-reyem. Cetrék minimovie dihirupan. Bray, layarna muka. Si Goblog téh! Naha bet jadi gambar aing! Dibuligir, bobolokot. Apan nu disetél ku aing téh “Brave Heart”? Cakram gancang dicabut. Diilik-ilik. Sidik teu salah nyetél. Jelas gambar Mél Gibson. Ceg, kana cakram séjén. Bus diabuskeun. Bray.... Gélo...! Gambar aing deui. Tungtungna kabéh cakram dicobaan. Bray, kuring. Bray, kuring. Movie player dibeubeutkeun satakerna. Bray...! Panto muka. Barang dilieuk, kuring nepak tarang. Sétan...! Apan sia téh geus dibakutet, Goblog! Bru, nyuuh. Awak ngalungsar. Karérét, manéhna imut ngelétan.* Nana Sukmana - kisuta.com


