Sabtu, 25 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Tihang Urang

Rabu, 10 April 2013

LAPANG jadi tiiseun kacida. Asana téh kabéh panon malencrong ka urang. Ti nu daragang, nepi ka barudak nu naragog di tukang. Geus puguh ari nu ngajarentul jeroeun ténda mah. Kaasup sémah. Ti tadi ogé euweuh nu balangah. Sanggeus kadéngé aba-aba, uing mimiti ngaléngkah. Suku kénca heula. Manéh ogé sarua. Géséh satengah detik jigana. Tangtu haté manéh teu puguh rasa. Heueuh, uing ogé sarua. Katambah-tambah meureun manéh mah embung méré céda ka nu jadi bapa. Pan sasat nu jadi Inspéktur Upacarana. Keupat manéh, léngkah uing. Moal paaing-aing. Kawas latihan sasari. Kawas poé-poé kamari.
Tah geuning, geus tepi kana tihang. Hareupeun panyangreudan haté urang. Bagéan uing ieu mah. Bongan manéh nu mikeunna. Si Éta kénéh panglayarna. Yeuh, lah. Geus mébér Sang Saka. Beureum getih uing. Sugan bodas haté manéh. Kop tah, angin!
Beu, manéh ulah molotot kitu atuh. Hampura. Rumasa uing kurang wiwaha. Kalah mébérkeun bandéra Polandia.* Asep Komara - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya