Kajongjonan
UNGGAL aya di imah pasti nu bungsu ngungucel hayam. Dibéré katé sajodo, anteng di buruan tukang. Ceuk bapana, tibatan ulin teu puguh, mending kénéh ngoprék hayam. Moal pipaséaeun. Nu cikal mah karesepna kana maén game.
Komo da poé Minggu mah dibéré kabébasan. Nu penting aya di imah. Nu jadi pamajikanana jongjon deuih, da puguh dibéré Ipad anyar. Gawé téh dadapangan wé nungguan salaki balik ti kantor. Teu ieuh 'kesepian' salakina mindeng kaluar kota gé. Digeuing yén kudu boga curiga bisi bapana barudak boga nu séjén, siga nu teu hariwang ieuh. Majar téh apal bageurna. Nyaho soléhna. Sagala kaperluan dicumponan. Di imah tiis tingtrim. Hanjakal tiisna jadi peurih. Nu bungsu ninggalkeun alatan flu burung. Tiisna mingkin caméwék sanggeus nu cikal kapaksa kudu cicing di Cisarua, kacanduan games. Duaan tingharuleng. Salaki pamajikan cicing dina simpé. Taya nu nyoara. Tiisna nataku. Tingtrimna duka ka mana.* Teti Taryani - kisuta.com


