Lalakon
ngalenyepan réngkak jeung rénghap
nu ngabarak dina saban padalisan mangsa
sawilet
sawilet
ngalakay nedunan papastén
mumbul ka alak paul, ngélék nasib séwang-séwang
muru tungtung waktu nu can témbong bungkeuleukna
lambaran catetan nu karahaan
nu nembrak, nu nyamuni, nu nyaliwang
ririaban diayun ambing angin wanci
pirang-pirang lalakon
pirang-pirang papagon
pirang-pirang papalayon
pirang-pirang guguyon
pirang-pirang cipanon
pirang-pirang tandon
pirang-pirang layon
pating kalayang luhureun palalangon implengan
ngawang-ngawang ngajomantara di méga malang
jadi reueuk, jadi angkeub, jadi girimis,
ngepriskeun karumasa kana sarakan rasa nu lawas saat
ras kana tangtungan nu wawayagon
ras kana kurungan nu teu pageuh tetekon
ras kana udagan nu mingkin jauh tina tatapakan
ras kana itungan nu teuing geus tepi ka mana teuing kari sakumaha.
Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com


