Balik ka Fitrah
GEUS tilu Romadhon, puasa karasa hapa. Ti saprak kuring nékad gawé di kota jalaran dipangkaburkeun ku nu jadi salaki. Geus tilu Romadhon, puasa karasa taya eusina. Gaplah. Boa kadon nambahan rereged dosa. Riya. Enya,
cumpon ari banda sandang jeung pangan mah. Malahan sok bisa babagi ka tatangga. Ngan batin karasa kosong,. Karasa nista.
“Mah, alhamdulillah, Romadhon ieu Néng khatam Qur’an,” ceuk Méla budak kuring nu ngan hiji-hijina. Haté ngarakacak ningali jadi budak sakitu bageurna. Soléhah. Ngarasa dosa geus nyumponan pangabutuhna tina jalan nu lain samistina
Basa Méla tibra bari nangkeup ogo bangun sono, kuring murubut cimata. “Duh..Gusti, hampura abdi Gustii..” teu kawawa bedah cimata.
“Geulis, Mamah hamo miang deui ka kota,” gerentes haté nu pangjerona. Deuk usaha satékah polah di lembur baé. Usaha nu bener mungguh agama bari pasrah muntang kanu Maha Kawasa. Méla ditatap-diusap, ditangkeup banget kadeudeuh. Parat nepi ka wanci janari. Wancina saur.* Yayan 'Bedog' Supriatna - kisuta.com


