Sastra & Humor
Fikmin
Dua Nafsu
Rabu, 10 April 2013
NGAGEDUR. Dua nafsu diapungkeun ka langit pangluhurna. Nu hiji nyasar ti handap. Nu di luhur ngahaja teu wara ngalayanan. Ngajol ka luhur. “Keun sina beuki nafsu,” pokna.
Nu handap terus ngudag. Beuki ngagedur. Nu di luhur beuki ngaluhuran. Nu handap capéeun. Reureuh saheulaanan. Nu di luhur puputeran, siga nu nyeungseurikeun.
“Kuat kenéh?” pokna ngaléléwéan nu di handap.
Teu genah diléléwéan, nu handap nyebrung ka luhur. Tanaga dibéakeun. Teu disangka ku nu handap, nu luhur nutugkeun manéh. Sarua, sataker kebek.
Jeblag. Duanana ngajeblag. Awor.
Dua langlayangan cap jarum jeung cap bondol ngalayang kabawa angin. Nu lalajo di handap surak.* Dudung Ridwan - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


