Kacamata Ajaib
NAJAN hirup ripuh, nyangsaya dina ruruhit mangsa. Teger. Narah ngarinah, angot basilat mah. Ngeunah ladang késang sorangan. Ki Darma sapoé jeput teu meunang gawé. Nyarandé dina tangkal mahoni teu jauh tina pacul minangka pusaka kasabna.
Torojol aya aki-aki nyampeurkeun. “Jang, montong salempang!” Ujang mah kotor téh, ngan ukur awak wungkul. Bisi hayang noong nu arahéng, yeuh, paké ieu kacamata, jung geura ulin ka tempat anu ramé!” Ki Darma nampanan kacamata, rap dipaké. Laju ngajugjug kota. Gebeg. Manéhna kagét, nempo rébuan mobil sedan disupiran ku rupaning sasatoan. Sup asup ka kantor nu agréng, ana ceuleukeuteuk téh seuri, bangun nu ngeunah pisan. Nempo pangeusi kantor, maraké dasi, tapi huluna beurit jeung monyét. Meni récét, tingcalekroh. Ki Darma seurina teu kaampeuh. Jelebét, leng. Puhu ceulina ngahiung. Koréjat. Satpol PP panonna sagedé jéngkol.* Yuharno Uyuh - kisuta.com


