Salingkuh
“ENYA, bongan si Aang lawas jadi Bang Toyib anu matak ayeuna urang kieu téh,” ceuk manéhna bari lalaunan ngaleupaskeun tangkeupan. Koréjat hudang tina ranjang. Tuluy nangtung hareupeun eunteung lomari, nelek-nelek
awakna sorangan nu taranjang. “Ah, sok ngaco manéh mah. Sakitu baheula jeung si Bang Toyib gé kasiksa rarasaan. Naha ayeuna bet maké ngarasa dosa,” témbal kuring bari sarua milu cengkat. Awakna ditangkeup deui. Sirahna dirungrum geugeut nakeranan. Manéhna peureum, ngarénghap panjang. Sajongjonan duaan ngadon taranjang hareupeun eunteung. “Sing percaya, rék kitu rék kieu gé angger salah. Ngan sahenteuna ari kieu mah manéh bisa jujur ka diri sorangan: kumaha saenyana diri manéh téh,” ceuk kuring deui, saréh. Ti batan ngajawab, manéhna anggur mukahkeun deui tangkeupan. Ceg kana cangcut anu nyampay dina korsi. Lung dialungkeun kana awak, bari manéhna sorangan gesat-gesut dibaju.* Lugiena De - kisuta.com


