Sastra & Humor
Sajak
Salju Murupuy di Den Haag
Kamis, 11 April 2013
salju murupuy di Den Haag, ngoléang
katebak angin kawas awuran lebu
ti luhur hotél nu pangjangkungna
di ieu kota.
lebah régang-régang tangkal kastanya
nu taya daunan, nu menekung sapanjang
usum tiris, katénjo matapoé tuturubun
digebah halimun nu dumadak turun.
luhureun sirah salosin manuk hideung
ngalayang teuing ka mana. Di susukan nu ieu,
nu sawaréh caina ngagibleg jiga cingcaw,
aya soang sajodo keur ngumbar birahi.
hawa karasa beuki tiris ngulkas sakujur awak
najan wine geus ngaliwatan genggerong.
kasono dumadak ligar lir kembang tulip
"Héni. Héni!" haté nyalukan salira
1999
Soni Farid Maulana - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


