Nu Teu Tulus Jadi Indung
LAWAS. Asa geus lila. Kuring teu mulang. Malik wanci ngulang mangsa. Nyeuseup hawa halimunan. Praspris. Lebah batu talaga. Nu meuray kalangkang bulan. Kapireng. "Kang, omat ulah rusuh ku panuduh jauh. Anggur dedel heula angen."
Salira ngémutan ditutur imut nu imeut. Aya seuseukeut teuteup lir congo pedang. Dina unggal juru panon. Sarancingeus ucing hideung. Dina léngkah-léngkah sapatu panungtung. Dipirig sora roda luhur ubin. Infus nu ngayun-ngayun jajantung. Ngadudulag ratug. Ngadongdon ngetrok panto kasono. Hayang nérékél baé tarajé. Nyinglar méga malang. Nginjeum pulas katumbiri. Keur mulas kembang kamelang.
Harita. Basa ngaririncik tengah peuting. Kingkilaban salésér. Meulah peténg. Kapoékan dijas hujan. Salira maksakeun baé bari disendal. Mipir malibir sisi gawir. Mapay-mapay Cikuray. Gilig ngagedig ka Cigedug. Lar ngaliwat kabuyutan. Laju lebah péngkolan. Peuntaseun gudang. Aya sora gelap nu méh marengan. Teu lila. Nu néang indung beurang baloboran. Ngaragamang panganggeusan. "Hampura nun, akang rumasa tamélar." Nu di luhur sepré ukur simpé.* Jajang Arohmana - kisuta.com


